Tuesday 2 June 2015

Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Kesehatan (Kacang)

Contoh Artikel Bahasa Basa Sunda Tentang Kesehatan. Pada kesempatan kali ini saya akan membagikan contoh artikel basa sunda tentang kesehatan. Artikel kali ini berjudul "Kacang Nyegah Panyakit Jantung". Jika sobat ingin membaca lebih banyak artikel silakan lihat Kumpulan Contoh Artikel Bahasa Sunda.

Contoh Artikel Bahasa Sunda

Kacang Nyegah Panyakit Jantung

Panyakit jantung mangrupa panyakit anu diakibatkeun 'pola hirup' jeung 'pola dahar' nu teu sehat. Pola hirup jeung dahar nu teu merhatikeun unsur gizi jeung kasehatan, umumnya bisa ngabalukarkeun panyakit beurat, kaasup panyakit jantung.

contoh artikel bahasa sunda tentang kesehatan kacang
Kolesterus salasahiji unsur ngabahayakeun anu aya dina kadaharan, sarta bisa ngadatangkeun panyakit jantung. Pikeun ngajauhkeun panyakit jantung, aya sababaraha hal penting nu kudu diperhatikeun, diantarana bisa diubaran sacara tradisional ku kacang. Sok sanajan tangtu bae teu cukup ngadaharan kacang. Pikeun nyinglar panyakit jantung nu raket oge kaitanana jeung lemak dina awak urang, para ahli ngelingan sangkan urang rajin olahraga. Pikeun anu awakna gendut, lian ti beurat nu matak ripuh kana gerak awak, resiko katerap pernyakit jantungnya oge leuwih luhur tibatan anu awakna leutik.

Hidep tangtu geus apal kana rup rupa kacang anu aya di Indonesia. kayaning kacang tanah, kacang polong, kacang panjang,  jeung sajabana. malah ku loba lobana kacang di Indonesia, nurutkeun para ahli, aya sababaraha tutuwuhan anu kaburu disebut kacang, padahal sabenerna mah teu kaasup kulawarga kacang. Contona, kacang mede jeung kacang almond. Nurutkeun para hali botani, eta teh teu kaasup kulawarga kacang.

Jadi, nu kumaha atuh nu kaasup kana kulawarga kacang? Kacang sacara basajan nurutkeun ahli borani, nya eta siki nu garing tur dibijilkeunana tina kembang anu rupana jiga kukupu. Tapi sidik, kacang teh kaasup tuwuhan favorit di Indonesia. Bisa jadi, kacang populer ku rasa nu bisa ka bala ka bale. Dikonsumsi ku saha bae, ti mimiti cacah kuricakan nepi ka para gegeden. Soal rasa, urang geus pada apal. Tapi salian ti rasana nu ni'mat jeung gurih, kacang oge memang mengandung mangpaatna pikeun kesehatan jantung.

Tina kacang sasiki, bisa ngahasilkeun protein, lemak, jeung karbohidrat anu lobana beda beda, gumantung kana jenis kacangnya. Unggal 100 gram kacang tanah leuwih loba kadar lemakna (47,7 gram) ti batan lemak kacang kadele anu ukur 18 gram. Tapi, kacang kadele leuwih loba proteinna (35gram) tinimbang protein kacang tanah anu ngan ukur 30,4 gram. Kacang anu pangsaeutikna ngandung lemak, nya eta kacang hejo (1 gram). Tapi kacang hejo teh rajana karbohidrat (60 gram). Disusul ku karbohidrat kacang kadele 32 gram jeung kacang tanah 11 gram.

Nurutkeun Dr. Penny Kris Etherton, ahli botani ti Universitas Peno State, nembrakkeun pamanggihna, yen kacang kacangan bisa mantuan nurunkeun kadar panyakit jantung koroner. Sabalikna pisan tina pamanggih umum salila ieu. Ceuk panalungtikanana, lamun urang ngadahar kacang leuwih ti 5 ons dina jero saminggu, bisa nurunkeun kadar panyakit jantung koroner antara 25-39%. Salian ti eta, kacang kacangan oge bisa miara keteg jantung jadi stabil, angger gancangna dina kaayan normal tur matak nyehatkeun.

Lemak dina kacang kacangan oge kaasup "lemah tak jenuh" anu gede mangpaatna pikeun kasehatan jantung. Lian ti eta oge, aya nu disebut "beta sitosferol", anu bisa nyegah panyakit jantung jeung kanker. panyakit sejen anu bisa ditolak nyaeta kanker usus besar, prostat, jeung kanker payudara. Jadi, sagala oge lamun didasaran ku elmu mah, lain ukur dikira kira atawa milu guyub jeung pamanggih umum, bisa jadi anu tadina pikasieuneun teh bakal leuwih hade dipisobat tur leuwih gede mangpaatna pikeun kahirupan urang.

Dicutat tina Majalah Mangle, no. 2019
kenging: NS

Demikian artikel tentang contoh artikel bahasa sunda tentang kesehatan. Artikel basa sunda.

3 komentar

Komentar yang anda masukkan akan dimoderasi terlebih dahulu oleh admin. Komentar berbau promosi, akan dihapus.

EmoticonEmoticon